KOROPACK

tulisan kuring lain kumaha kuring

Imas. 25 taun. Masih nyorangan. Biwir galing. Raray  semu léncop nyari jeung kulit bodas. Irung leutik. Bangir. Awak sampulur. Jangkung. Kuda Ustrali. Mun lempang ngagéboy. Némbongkeun cangkéng nu semu tenggéng. Mandiri. Imah nu sorangan. Hasil gawé jadi manajer. Ka luar nagri geus teu kasebut. Singapur mah kacapangan. Béda jeung ka Canada. Anderok pondok motong pingping. Heureut. Kaméja meungkeut awak. Kancing luhur dibuka hiji. Tara katingal peré gawé. Indit isuk balik peuting.

Salapan welas taun geus kaliwat. Kamari panggih deui. Geulisna angger. Malah leuwih donto. Bahénol. Eplok céndol.Turun tina mobil. Jeung lalaki. Kasép. Awak ngeusi. Umurna leuwih ngora ti  Imas. Ngaléng. Ngaléndéan. Lalakina mawa balanjaan.

0 Comment:

Posting Komentar

Rabu, 21 Agustus 2013

IMAS

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

About this blog

Tambi huleng jentul. Manawi tiasa ngubaran kabingunng, kakesel, jeung sajabina. Mugia aya barokahna.

Total Pageviews

Diberdayakan oleh Blogger.

Pages - Menu

Popular Posts

Followers