KOROPACK

tulisan kuring lain kumaha kuring

"Na.. Ari sia téh hayang naon? Sugan kudu dibéré ieu..." Darman muncereng. Sakiceup. Luncat. Ngaheumbatkeun peureup nu sagedé cengkir ka Iwa nu karék turun tina motor. Jelebet !!. Dayagdag. Iwa nyoloyong. Dongko.
"Sakedap, Kang.. Aya naon ieu téh?" Iwa mundur tilu léngkah. Taki-taki. Sieun dipindo.
"Alah... Montong loba nanya..Wanian sia ngunghak ka aing" Darman kekerot. Masang kuda-kuda. Kempo.
Darman. Katelah jawara. Hanjakal léngkah. Gawé jadi jéger. Ménta jatah ka unggal mobil nu ngaliwat. Warung leutik ogé dipirit. Duitna paké poya-poya. Mabok. Ngalacur.
Siet... Zduk.. Sora peureup diadu. Darman muringis. Rewas. Aya nu bisa ngalayanan. Iwa angger kalem. Euweuh rindat gimir. Neuteup seukeut.
"Anjing... !" Darman ngahegak. Nenjrag lemah.
Bedog. Dicekel. Malang. Matana mencrong réngkak Iwa.
Ciaatt...Luncat. Bedog muru tarang. Iwa ngagésér suku kénca. Leungeun ngarampid pigeulangan. Bletrok. Sora nu potong. Darman Ngocéak. Ngagubrag. Leungeunna ngamplék. Bedog murag.
"Sakedap, Kang.. Aya naon masalahna? Ujug ujug maén babuk." Semu dongko nanya ka Darman nu muringis.
"Aing ngadéngé..Manéh rék ngajago didieu.." Sanajan teu walakaya, porongosna mah teu leungit.
"Saur saha?" Iwa teu katempo nafsu geus dupaido.
"Si Elan ngomong ka aing" Darman ngésod ngajauhan. Cengkat. Leungeun kénca asup ka jero jékét.
Elan. Kamari ngobrol di warung. Tatanya. Rék kamana? Asal timana?. Teu nyangka salah narima. Pédah nyarita keur néangan lanceuk sapaguron nu geus lila euweuh béja. Kabur. Jadi Iwa teu nyaho  rupana. Mun seug lain amanat. Moal teuing dipaluruh.
 Buk... Kampak ngampul. Tarang Iwa jiga karét. Darman colohok...Rewas. Mundur. Beuki mundur. Pias. Naon nu dipikasieun ayeuna datang. Kagok borontok belang eukeur. Kampak diputer-puter.
"Sok...Siah.. Kadieu, anjing...!" Muncereng bari gimir.
Iwa nyéréngéh. Matana semu beureum. Pangabaran. Ngaléngkah. Kalem. Peureup ngaluarkeun haseup. Ipis.
Ciaatt...
Sakiceup. Luncat. Peureup mapag tarang.
Beletrok..!
Darman ngajoprak. Hulu bencar. Getih. Mancawura. Nyeprét. Kana Raray Iwa. Matana bodas deui. Ngajanteng. Dibarengan ku murudulna jelema. Kalaluar. Ting Karecewis. Rarayna kabéh marahmay. Tanda bungah. Ki Suganda. Salaku pang kolotna. Nyamperkeun ka Iwa. Neuteup. Tilik. Ngagabrug. Ceurik.
"Ieu téh Iwa? Anak Lurah Ata?" Ki Suganda nanya bari nyusut cimata. Nu nyaho saukur olohok. Teu percaya.
Iwa. Anak bungsu Lurah Ata. Umur dalapn taun pagatu lalis. Kulawargana. Tumpur. Dipaéhan bégal. Diurus ku bibi. Di lembur Nyingkur. Handapeun gunung Nangkub. Umur dualas taun. Ditinggalkeun Bibi. Kapanggih ki Ki Dama. Basa kalangsu di gunung Nangkub. Dirawat. Dipikanyaah. Dianggap anak. Sakabéh pangarti di turunkeun. Elmu hirup, élmu kanuragan. Ngajadikeun Iwa lalaki ludeung tur lempeng. "Wa, waktu Abah sakeudeung deui, cik pang néangankeun anak Abah. Lanceuk nyanéh. Ngaranna Suta Wijaya. Aya karang badag bitis kéncana. Na Tonggong. Aya gurat. Ngajembat. Urut bedog" éta wasiat pamungkas.
Ki Suganda menyéng leungeun Iwa. Mukakeun calana kénca Darman. Terus muka baju Darman lebah tonggong. Iwa rambisak. Cimata murubut. Teu katahan. Sideku. Nyuuh.
"Wa.." Ku Suganda nyekel taktak Iwa. "Aya nu kudu Iwa nyaho ogé.."
Iwa cengkat. Malik. Mata nu carindul neuteup Ki Suganda."Naon nu kedah kuring terang, téh, Ki?"
"Kieu..Sabenerna nu ngabégal kulawaega Iwa téh, salah saurang ieu jalmana." Ki Suganda nunjuk ka Layon Darman."Nu séjénna mah geus kacerek"
Iwa ngahuleng. Jauh panineungan. Mata melong jauh ka lalangit nu depek. Jaruji beusi jadi saksi nu ngagoledag. Mayar tanggung jawab. Reup. Meureumkeun manéh.

0 Comment:

Posting Komentar

Sabtu, 24 Agustus 2013

IWA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

About this blog

Tambi huleng jentul. Manawi tiasa ngubaran kabingunng, kakesel, jeung sajabina. Mugia aya barokahna.

Total Pageviews

Diberdayakan oleh Blogger.

Pages - Menu

Popular Posts

Followers