"Ding, muh heug kuring menang nanya, naha manéh bisa peupeugatan?" ceuk Momon, bari nempoan nu leumpang. Parapatan. Pangkalan ojek. Iding. Narik napas. Panjang. Matanya neuteup kajauhna. Heunteu ceuk batur. Pamajikanna ocon jeung ulis Tasim. Ka tempo ku bunceulikna panon.
"Ah... gara-garana mah Si Ulis geujul! Pamajikan batur dieurad ku banda!" ngajawabna rada heuras. Aya katugeunah nu jero pisan. Ngagurat jadi ngéwa.
"Ulis Tasim? bapana neng Marni, Ding?" Momon nanya deui semu colohok. Ulis Tasim. Harta balatak. Sawah lega. Kebon diunggal wewengkon. Pamajikan tilu. Ceumceuman duka sabaraha. Kumisna nu matak ngajadikeun awéwé ngulapés.
"Pokokna mah aing kudu bisa males kanyeuri, Mon!" Iding ngajéngkat. Motor dislah. Biur. Mengpeng ka kulonkeun. Aya sapuluh menit. Ngaliwat deui. Ngaboncéng awéwé. Néng Marni. Mani ngadaplok. Muntang pageuh. Motor rada tarik. Nuju ka dayeuh.

0 Comment:
Posting Komentar