" Wa, waktu Abah geus rék nepi. Mun engké nyanéh ngumbara. Téangan anak
Abah. Lanceuk nyanéh. Ngaranna Suta Wijaya. Aya karang badag dina bitis
kénca. Na tonggong. Gurat ngajembat. Urut bedog. Wayahna bawa balik
deui." Wasiat pamungkas nu nongtoréng nepi ka ayeuna. Iwa. Pahatu lalis
ti rumaja. Ka Panggih nyumput di leuweung. Diurus ku Ki Dama. Jawara kahot.
"Na.. Ari sia téh rék ngajago?" Darman muncereng. Peureup buled. Jelebét..! Nenggel. Iwa ngadayagdag.
"Sakedap, Kang... Aya naon ieu téh?" Iwa reuwas. Mundur. Sayaga.
"Alah... Montong loba cacapék!" Darman nyentak.
Bedog mapag tarang. Iwa. Ngagiwar. Lep. Plos. Nyamos. Sakiceup. Ngarampid pigeulangan. Beletrok! Tulang potong. Darman ngocéak. Leungeun ngamplék. Reuwas. Mundur. Naon nu dipikaseun ayeuna datang. Kagok. Sakolépat. Kampak ninggas beuheung. Iwa luncat. Peureup mapag embun-embunan. Jdak. Krak. Bencar. Darman ngababatang. Warga nu nempo surak. Bungah. Ki Suganda. Nu dipikolot. Nyampeurkeun. Neuteup. Tilik. Nempo ceuli Iwa. Rawing. Ngagabrug
"Ieu téh Iwa? Anak Lurah Ata?" Ki Suganda nanya bari nyusut cimata.Nu nyaho olohok. Teu percaya.

"Wa, ieu salah sahiji bégal nu ngarogahala kulawarga Iwa" Ki Suganda nunjuk ka layon Darman. Nu bitis kéncana teu katutup. Baju lebah tonggong. Nyingkab. Gebeg!. Iwa. Ngajenghok. Cimata teu karasa ngenclak. Marengan guligahna haté.
Udung. Awak badag. Ngeusi. Jangkung. Sadedegan. Kulit hideung. Kapanasan. Buuk gimbal. Tara kuramas."Gaya.. Brow.. Bob.. Nyaho teu ari Bob? Halah.. kurang gaul sih.." Témbalna mun buukna dihina jiga sayang kaak. Umur geus liwat tilu puluh. Masih nyorangan. Saimah jeung Indungna. Umur opat taun ditinggalkeun ku Bapa, nu ka gémbang randa hérang urang Soréang. Matak hariwang mun geus nginum arak. Nafsu syahwatna ngabadagan. Bi Idah mah nepi ka ginggiapeun. Pernah rék digadabah di jarambah. Untungna harita aya Ki Danu.
Lembur ngadadak tingtrim. Udung ngaleungit. Saeunggeus Bi Idah ngalahirkeun. Putra nu katilu
"Na.. Ari sia téh hayang naon? Sugan kudu dibéré ieu..." Darman muncereng. Sakiceup. Luncat. Ngaheumbatkeun peureup nu sagedé cengkir ka Iwa nu karék turun tina motor. Jelebet !!. Dayagdag. Iwa nyoloyong. Dongko.
"Sakedap, Kang.. Aya naon ieu téh?" Iwa mundur tilu léngkah. Taki-taki. Sieun dipindo.
"Alah... Montong loba nanya..Wanian sia ngunghak ka aing" Darman kekerot. Masang kuda-kuda. Kempo.
Darman. Katelah jawara. Hanjakal léngkah. Gawé jadi jéger. Ménta jatah ka unggal mobil nu ngaliwat. Warung leutik ogé dipirit. Duitna paké poya-poya. Mabok. Ngalacur.
Siet... Zduk.. Sora peureup diadu. Darman muringis. Rewas. Aya nu bisa ngalayanan. Iwa angger kalem. Euweuh rindat gimir. Neuteup seukeut.
"Anjing... !" Darman ngahegak. Nenjrag lemah.
Bedog. Dicekel. Malang. Matana mencrong réngkak Iwa.
Ciaatt...Luncat. Bedog muru tarang. Iwa ngagésér suku kénca. Leungeun ngarampid pigeulangan. Bletrok. Sora nu potong. Darman Ngocéak. Ngagubrag. Leungeunna ngamplék. Bedog murag.
"Sakedap, Kang.. Aya naon masalahna? Ujug ujug maén babuk." Semu dongko nanya ka Darman nu muringis.
"Aing ngadéngé..Manéh rék ngajago didieu.." Sanajan teu walakaya, porongosna mah teu leungit.
"Saur saha?" Iwa teu katempo nafsu geus dupaido.
"Si Elan ngomong ka aing" Darman ngésod ngajauhan. Cengkat. Leungeun kénca asup ka jero jékét.
Elan. Kamari ngobrol di warung. Tatanya. Rék kamana? Asal timana?. Teu nyangka salah narima. Pédah nyarita keur néangan lanceuk sapaguron nu geus lila euweuh béja. Kabur. Jadi Iwa teu nyaho rupana. Mun seug lain amanat. Moal teuing dipaluruh.
Buk... Kampak ngampul. Tarang Iwa jiga karét. Darman colohok...Rewas. Mundur. Beuki mundur. Pias. Naon nu dipikasieun ayeuna datang. Kagok borontok belang eukeur. Kampak diputer-puter.
"Sok...Siah.. Kadieu, anjing...!" Muncereng bari gimir.
Iwa nyéréngéh. Matana semu beureum. Pangabaran. Ngaléngkah. Kalem. Peureup ngaluarkeun haseup. Ipis.
Ciaatt...
Sakiceup. Luncat. Peureup mapag tarang.
Beletrok..!
Darman ngajoprak. Hulu bencar. Getih. Mancawura. Nyeprét. Kana Raray Iwa. Matana bodas deui. Ngajanteng. Dibarengan ku murudulna jelema. Kalaluar. Ting Karecewis. Rarayna kabéh marahmay. Tanda bungah. Ki Suganda. Salaku pang kolotna. Nyamperkeun ka Iwa. Neuteup. Tilik. Ngagabrug. Ceurik.
"Ieu téh Iwa? Anak Lurah Ata?" Ki Suganda nanya bari nyusut cimata. Nu nyaho saukur olohok. Teu percaya.
Iwa. Anak bungsu Lurah Ata. Umur dalapn taun pagatu lalis. Kulawargana. Tumpur. Dipaéhan bégal. Diurus ku bibi. Di lembur Nyingkur. Handapeun gunung Nangkub. Umur dualas taun. Ditinggalkeun Bibi. Kapanggih ki Ki Dama. Basa kalangsu di gunung Nangkub. Dirawat. Dipikanyaah. Dianggap anak. Sakabéh pangarti di turunkeun. Elmu hirup, élmu kanuragan. Ngajadikeun Iwa lalaki ludeung tur lempeng. "Wa, waktu Abah sakeudeung deui, cik pang néangankeun anak Abah. Lanceuk nyanéh. Ngaranna Suta Wijaya. Aya karang badag bitis kéncana. Na Tonggong. Aya gurat. Ngajembat. Urut bedog" éta wasiat pamungkas.Ki Suganda menyéng leungeun Iwa. Mukakeun calana kénca Darman. Terus muka baju Darman lebah tonggong. Iwa rambisak. Cimata murubut. Teu katahan. Sideku. Nyuuh.
"Wa.." Ku Suganda nyekel taktak Iwa. "Aya nu kudu Iwa nyaho ogé.."
Iwa cengkat. Malik. Mata nu carindul neuteup Ki Suganda."Naon nu kedah kuring terang, téh, Ki?"
"Kieu..Sabenerna nu ngabégal kulawaega Iwa téh, salah saurang ieu jalmana." Ki Suganda nunjuk ka Layon Darman."Nu séjénna mah geus kacerek"
Iwa ngahuleng. Jauh panineungan. Mata melong jauh ka lalangit nu depek. Jaruji beusi jadi saksi nu ngagoledag. Mayar tanggung jawab. Reup. Meureumkeun manéh.
Geus tilu bulan. Can panggih jeung sampayan haté. Kadayeuh. Jualan kurupuk. Boga niat. Ayeuna kacumponan. Sanajan masih nyésa. 32 bulan. Diusapan. Dieulapan. Kacéprétan. Gancang dimandian. Komo mun bolokot. Cadu kasebutna. Warna hideung. Polét beureum. Garpu tala. Jadi ciri. Mun dipaké kudu semu dongko. Mun nikung. Tilep banting. Tur méh antel aspal.
"Menggeus..Jang! Montong dicoo waé.. Anggursi tepungan tuh Néng Ocoh.. Pulang anting ti kamari.. Karunya..." Ema néngtréwélang. Bari mulak-malik poé ranginang.
"Yu.. ah.. " Bari di tepak. Distater. Sorana. Agem. Caang bulan. Sésa purnama. Kasawang. Ocoh seuri bungah. Ningal nu hideung polét beureum. Clak. Ngadaplok. Nangkeup. Pageuh. Tonggong asa kateueul kalapa. Biur. Ngulon. Babaturan di parapatan nyurakan. Asa dihatéan. Mengpeng tarik mapag tanjakan. Nikung.
Ckkiiiittt.. Bujur motor asa aya nu najong. Mangpéng. Ngénca. Nyorolok. Mawa awak. Nyangsaya na dapuran awi. Di pencrong kunu ranggéténg. Sihung.
"Ding, muh heug kuring menang nanya, naha manéh bisa peupeugatan?" ceuk Momon, bari nempoan nu leumpang. Parapatan. Pangkalan ojek. Iding. Narik napas. Panjang. Matanya neuteup kajauhna. Heunteu ceuk batur. Pamajikanna ocon jeung ulis Tasim. Ka tempo ku bunceulikna panon.
"Ah... gara-garana mah Si Ulis geujul! Pamajikan batur dieurad ku banda!" ngajawabna rada heuras. Aya katugeunah nu jero pisan. Ngagurat jadi ngéwa.
"Ulis Tasim? bapana neng Marni, Ding?" Momon nanya deui semu colohok. Ulis Tasim. Harta balatak. Sawah lega. Kebon diunggal wewengkon. Pamajikan tilu. Ceumceuman duka sabaraha. Kumisna nu matak ngajadikeun awéwé ngulapés.
"Pokokna mah aing kudu bisa males kanyeuri, Mon!" Iding ngajéngkat. Motor dislah. Biur. Mengpeng ka kulonkeun. Aya sapuluh menit. Ngaliwat deui. Ngaboncéng awéwé. Néng Marni. Mani ngadaplok. Muntang pageuh. Motor rada tarik. Nuju ka dayeuh.
Kaca eunteung jadi saksi. Kumis ipis. Irung bangir ngaékék. Mata seukeut heunteu sipit. Godég ala Elvis. Dada rubak. Buluan. Beuteung ngotak balas sit up. Cangker. Kaos oblong nyitak awak. Gagah. Salman. Anak pa Kuwu. Cikalna. Motor badag. Nambah gaya. Teu randa, teu parawan. Ningali Salman jiga nu kapélét. Lalényéh. Pada ngaku. Pada hayang. Nu gandang tambah gedé haté.
"Keun baé jadi nu ka opat ogé, ridho, Ibi mah" ceuk Bi Anah nu geus ngaranda lila.
Tapi mun dipelong ku Asih. Pangais bungsu, putri Bi Anah. Salman sok salah polah. Baluar-balieur. Jiga nu éra. Mun Asih ngadilak, Salman sok jadi balélol. Komo mun ningal Asih semu baeud. Salman jiga nu bingung.
Imas. 25 taun. Masih nyorangan. Biwir galing. Raray semu léncop nyari jeung kulit bodas. Irung leutik. Bangir. Awak sampulur. Jangkung. Kuda Ustrali. Mun lempang ngagéboy. Némbongkeun cangkéng nu semu tenggéng. Mandiri. Imah nu sorangan. Hasil gawé jadi manajer. Ka luar nagri geus teu kasebut. Singapur mah kacapangan. Béda jeung ka Canada. Anderok pondok motong pingping. Heureut. Kaméja meungkeut awak. Kancing luhur dibuka hiji. Tara katingal peré gawé. Indit isuk balik peuting.Salapan welas taun geus kaliwat. Kamari panggih deui. Geulisna angger. Malah leuwih donto. Bahénol. Eplok céndol.Turun tina mobil. Jeung lalaki. Kasép. Awak ngeusi. Umurna leuwih ngora ti Imas. Ngaléng. Ngaléndéan. Lalakina mawa balanjaan.
Kopaéh bodas. Tara lésot. Baju koko napel pageuh. Cariosanna nu baheula garihal ayeuna lemes tur malapah gedang. Soméah handap asor. Tara haok polotot deui. Ku batur diajénan. Lain ku sieun tapi reueus. Mun seug aya nu butuh pitulung. Salirana nu ngamimitian. Mantuan. Tara aya pamrih komo mun nyebut wegah. Ieu meureun nu sebut haji mabrur téh. Jadi hadé saparantosna ibadah ka Mekah. Aya tiluan nu babarengan munggah haji jeung Anjenna. Cenah haji Daroni salah sahijina. Béda kampung ngan sadésa.
Keur jongjon ngopi. Di warung wates kampung. Pa Haji ngalangkung.
"Ti iraha manéhna jadi haji?" haji Daroni nanya ka kuring.
Geus aya dua jam. Hapé di panteng. Diteuteup. Digésér-gésér. Poto wanoja mapaésan halaman fésbuk. Matana cureuleuk. Biwirna ambucuy. Kareueut. Rambut diségi. Jiga Hinata dina kartun Naruto. Duka kunaon. Haté téh asa beuki maskét. Inget kana ogona. Mun seug ngabales inbok ti kuring. Asa kumerenah wé inbokan jeung manéhna. Naon nu diobrolkeun bisa nyambung. Jadi panjang.
"Lur.. mani anteng kitu." ceuk Acéng bari ngasongkeun roko.
"Keur bingung sabenerna mah" némbal téh bari ngirim pesen.
"Bingung kunaon?" Acéng jiga nu hariwang.
"Jigana mah pamajikan, ku kuring bakal di serahkeun" gutret deui nulis pesen.
"Naha bisa kitu? Naon sababna?" Acéng panasaran.
"Ieu!" Kuring ngasongkeun hapé
Acéng curinghak. Rewas. Kusiwel. Hapéna di kaluarkeun. Asup kana fésbuk. Notifna loba. Komo inbokna. Pesen nu can kabuka. Rét ka kuring. Rét kana hapé. Paromanna robah. Jiga nu bingung.
Senin, 26 Agustus 2013
SUTA WIJAYA
"Na.. Ari sia téh rék ngajago?" Darman muncereng. Peureup buled. Jelebét..! Nenggel. Iwa ngadayagdag.
"Sakedap, Kang... Aya naon ieu téh?" Iwa reuwas. Mundur. Sayaga.
"Alah... Montong loba cacapék!" Darman nyentak.
Bedog mapag tarang. Iwa. Ngagiwar. Lep. Plos. Nyamos. Sakiceup. Ngarampid pigeulangan. Beletrok! Tulang potong. Darman ngocéak. Leungeun ngamplék. Reuwas. Mundur. Naon nu dipikaseun ayeuna datang. Kagok. Sakolépat. Kampak ninggas beuheung. Iwa luncat. Peureup mapag embun-embunan. Jdak. Krak. Bencar. Darman ngababatang. Warga nu nempo surak. Bungah. Ki Suganda. Nu dipikolot. Nyampeurkeun. Neuteup. Tilik. Nempo ceuli Iwa. Rawing. Ngagabrug
"Ieu téh Iwa? Anak Lurah Ata?" Ki Suganda nanya bari nyusut cimata.Nu nyaho olohok. Teu percaya.
" Wa, waktu Abah geus rék nepi. Mun engké nyanéh ngumbara. Téangan anak Abah. Lanceuk nyanéh. Ngaranna Suta Wijaya. Aya karang badag dina bitis kénca. Na tonggong. Gurat ngajembat. Urut bedog. Wayahna bawa balik deui." Wasiat pamungkas nu nongtoréng nepi ka ayeuna. Iwa. Pahatu lalis ti rumaja. Ka Panggih nyumput di leuweung. Diurus ku Ki Dama. Jawara kahot.
"Wa, ieu salah sahiji bégal nu ngarogahala kulawarga Iwa" Ki Suganda nunjuk ka layon Darman. Nu bitis kéncana teu katutup. Baju lebah tonggong. Nyingkab. Gebeg!. Iwa. Ngajenghok. Cimata teu karasa ngenclak. Marengan guligahna haté.
Sabtu, 24 Agustus 2013
UDUNG
Udung. Awak badag. Ngeusi. Jangkung. Sadedegan. Kulit hideung. Kapanasan. Buuk gimbal. Tara kuramas."Gaya.. Brow.. Bob.. Nyaho teu ari Bob? Halah.. kurang gaul sih.." Témbalna mun buukna dihina jiga sayang kaak. Umur geus liwat tilu puluh. Masih nyorangan. Saimah jeung Indungna. Umur opat taun ditinggalkeun ku Bapa, nu ka gémbang randa hérang urang Soréang. Matak hariwang mun geus nginum arak. Nafsu syahwatna ngabadagan. Bi Idah mah nepi ka ginggiapeun. Pernah rék digadabah di jarambah. Untungna harita aya Ki Danu.Lembur ngadadak tingtrim. Udung ngaleungit. Saeunggeus Bi Idah ngalahirkeun. Putra nu katilu
IWA
"Sakedap, Kang.. Aya naon ieu téh?" Iwa mundur tilu léngkah. Taki-taki. Sieun dipindo.
"Alah... Montong loba nanya..Wanian sia ngunghak ka aing" Darman kekerot. Masang kuda-kuda. Kempo.
Darman. Katelah jawara. Hanjakal léngkah. Gawé jadi jéger. Ménta jatah ka unggal mobil nu ngaliwat. Warung leutik ogé dipirit. Duitna paké poya-poya. Mabok. Ngalacur.
Siet... Zduk.. Sora peureup diadu. Darman muringis. Rewas. Aya nu bisa ngalayanan. Iwa angger kalem. Euweuh rindat gimir. Neuteup seukeut.
"Anjing... !" Darman ngahegak. Nenjrag lemah.
Bedog. Dicekel. Malang. Matana mencrong réngkak Iwa.
Ciaatt...Luncat. Bedog muru tarang. Iwa ngagésér suku kénca. Leungeun ngarampid pigeulangan. Bletrok. Sora nu potong. Darman Ngocéak. Ngagubrag. Leungeunna ngamplék. Bedog murag.
"Sakedap, Kang.. Aya naon masalahna? Ujug ujug maén babuk." Semu dongko nanya ka Darman nu muringis.
"Aing ngadéngé..Manéh rék ngajago didieu.." Sanajan teu walakaya, porongosna mah teu leungit.
"Saur saha?" Iwa teu katempo nafsu geus dupaido.
"Si Elan ngomong ka aing" Darman ngésod ngajauhan. Cengkat. Leungeun kénca asup ka jero jékét.
Elan. Kamari ngobrol di warung. Tatanya. Rék kamana? Asal timana?. Teu nyangka salah narima. Pédah nyarita keur néangan lanceuk sapaguron nu geus lila euweuh béja. Kabur. Jadi Iwa teu nyaho rupana. Mun seug lain amanat. Moal teuing dipaluruh.
Buk... Kampak ngampul. Tarang Iwa jiga karét. Darman colohok...Rewas. Mundur. Beuki mundur. Pias. Naon nu dipikasieun ayeuna datang. Kagok borontok belang eukeur. Kampak diputer-puter.
"Sok...Siah.. Kadieu, anjing...!" Muncereng bari gimir.
Iwa nyéréngéh. Matana semu beureum. Pangabaran. Ngaléngkah. Kalem. Peureup ngaluarkeun haseup. Ipis.
Ciaatt...
Sakiceup. Luncat. Peureup mapag tarang.
Beletrok..!
Darman ngajoprak. Hulu bencar. Getih. Mancawura. Nyeprét. Kana Raray Iwa. Matana bodas deui. Ngajanteng. Dibarengan ku murudulna jelema. Kalaluar. Ting Karecewis. Rarayna kabéh marahmay. Tanda bungah. Ki Suganda. Salaku pang kolotna. Nyamperkeun ka Iwa. Neuteup. Tilik. Ngagabrug. Ceurik.
"Ieu téh Iwa? Anak Lurah Ata?" Ki Suganda nanya bari nyusut cimata. Nu nyaho saukur olohok. Teu percaya.
Iwa. Anak bungsu Lurah Ata. Umur dalapn taun pagatu lalis. Kulawargana. Tumpur. Dipaéhan bégal. Diurus ku bibi. Di lembur Nyingkur. Handapeun gunung Nangkub. Umur dualas taun. Ditinggalkeun Bibi. Kapanggih ki Ki Dama. Basa kalangsu di gunung Nangkub. Dirawat. Dipikanyaah. Dianggap anak. Sakabéh pangarti di turunkeun. Elmu hirup, élmu kanuragan. Ngajadikeun Iwa lalaki ludeung tur lempeng. "Wa, waktu Abah sakeudeung deui, cik pang néangankeun anak Abah. Lanceuk nyanéh. Ngaranna Suta Wijaya. Aya karang badag bitis kéncana. Na Tonggong. Aya gurat. Ngajembat. Urut bedog" éta wasiat pamungkas.Ki Suganda menyéng leungeun Iwa. Mukakeun calana kénca Darman. Terus muka baju Darman lebah tonggong. Iwa rambisak. Cimata murubut. Teu katahan. Sideku. Nyuuh.
"Wa.." Ku Suganda nyekel taktak Iwa. "Aya nu kudu Iwa nyaho ogé.."
Iwa cengkat. Malik. Mata nu carindul neuteup Ki Suganda."Naon nu kedah kuring terang, téh, Ki?"
"Kieu..Sabenerna nu ngabégal kulawaega Iwa téh, salah saurang ieu jalmana." Ki Suganda nunjuk ka Layon Darman."Nu séjénna mah geus kacerek"
Iwa ngahuleng. Jauh panineungan. Mata melong jauh ka lalangit nu depek. Jaruji beusi jadi saksi nu ngagoledag. Mayar tanggung jawab. Reup. Meureumkeun manéh.
Jumat, 23 Agustus 2013
FIKSION
"Menggeus..Jang! Montong dicoo waé.. Anggursi tepungan tuh Néng Ocoh.. Pulang anting ti kamari.. Karunya..." Ema néngtréwélang. Bari mulak-malik poé ranginang.
"Yu.. ah.. " Bari di tepak. Distater. Sorana. Agem. Caang bulan. Sésa purnama. Kasawang. Ocoh seuri bungah. Ningal nu hideung polét beureum. Clak. Ngadaplok. Nangkeup. Pageuh. Tonggong asa kateueul kalapa. Biur. Ngulon. Babaturan di parapatan nyurakan. Asa dihatéan. Mengpeng tarik mapag tanjakan. Nikung.
Ckkiiiittt.. Bujur motor asa aya nu najong. Mangpéng. Ngénca. Nyorolok. Mawa awak. Nyangsaya na dapuran awi. Di pencrong kunu ranggéténg. Sihung.
Kamis, 22 Agustus 2013
IDING
"Ah... gara-garana mah Si Ulis geujul! Pamajikan batur dieurad ku banda!" ngajawabna rada heuras. Aya katugeunah nu jero pisan. Ngagurat jadi ngéwa.
"Ulis Tasim? bapana neng Marni, Ding?" Momon nanya deui semu colohok. Ulis Tasim. Harta balatak. Sawah lega. Kebon diunggal wewengkon. Pamajikan tilu. Ceumceuman duka sabaraha. Kumisna nu matak ngajadikeun awéwé ngulapés.
"Pokokna mah aing kudu bisa males kanyeuri, Mon!" Iding ngajéngkat. Motor dislah. Biur. Mengpeng ka kulonkeun. Aya sapuluh menit. Ngaliwat deui. Ngaboncéng awéwé. Néng Marni. Mani ngadaplok. Muntang pageuh. Motor rada tarik. Nuju ka dayeuh.
Rabu, 21 Agustus 2013
SALMAN, ASIH JEUNG BI ANAH
"Keun baé jadi nu ka opat ogé, ridho, Ibi mah" ceuk Bi Anah nu geus ngaranda lila.
Tapi mun dipelong ku Asih. Pangais bungsu, putri Bi Anah. Salman sok salah polah. Baluar-balieur. Jiga nu éra. Mun Asih ngadilak, Salman sok jadi balélol. Komo mun ningal Asih semu baeud. Salman jiga nu bingung.
IMAS
Imas. 25 taun. Masih nyorangan. Biwir galing. Raray semu léncop nyari jeung kulit bodas. Irung leutik. Bangir. Awak sampulur. Jangkung. Kuda Ustrali. Mun lempang ngagéboy. Némbongkeun cangkéng nu semu tenggéng. Mandiri. Imah nu sorangan. Hasil gawé jadi manajer. Ka luar nagri geus teu kasebut. Singapur mah kacapangan. Béda jeung ka Canada. Anderok pondok motong pingping. Heureut. Kaméja meungkeut awak. Kancing luhur dibuka hiji. Tara katingal peré gawé. Indit isuk balik peuting.Salapan welas taun geus kaliwat. Kamari panggih deui. Geulisna angger. Malah leuwih donto. Bahénol. Eplok céndol.Turun tina mobil. Jeung lalaki. Kasép. Awak ngeusi. Umurna leuwih ngora ti Imas. Ngaléng. Ngaléndéan. Lalakina mawa balanjaan.
HAJI
Kopaéh bodas. Tara lésot. Baju koko napel pageuh. Cariosanna nu baheula garihal ayeuna lemes tur malapah gedang. Soméah handap asor. Tara haok polotot deui. Ku batur diajénan. Lain ku sieun tapi reueus. Mun seug aya nu butuh pitulung. Salirana nu ngamimitian. Mantuan. Tara aya pamrih komo mun nyebut wegah. Ieu meureun nu sebut haji mabrur téh. Jadi hadé saparantosna ibadah ka Mekah. Aya tiluan nu babarengan munggah haji jeung Anjenna. Cenah haji Daroni salah sahijina. Béda kampung ngan sadésa.Keur jongjon ngopi. Di warung wates kampung. Pa Haji ngalangkung.
"Ti iraha manéhna jadi haji?" haji Daroni nanya ka kuring.
SALINGKUH